HEADLINE
Mode Gelap
Artikel teks besar

Contoh Teks Eksposisi Singkat dan Cara Membuatnya dalam Bahasa Sunda

Dalam pelajaran Bahasa Sunda, teks eksposisi (pedaran) menjadi salah satu jenis teks non-fiksi yang bertujuan untuk menjelaskan atau memaparkan informasi secara objektif. Di artikel ini, kamu akan menemukan contoh teks eksposisi singkat dalam bahasa Sunda, lengkap dengan strukturnya dan cara membuatnya.



Apa Itu Teks Eksposisi?

Teks eksposisi adalah jenis teks yang berisi penjelasan atau uraian terhadap suatu topik dengan tujuan memberikan informasi atau argumen logis kepada pembaca. Teks ini bersifat informatif dan objektif, berbeda dari teks persuasi yang cenderung membujuk. Menurut Kosasih (2014, hlm. 25), teks eksposisi (pedaran) merupakan tulisan yang bertujuan untuk menyampaikan pendapat dari sudut pandang penulisnya dan mempunyai fungsi untuk meyakinkan pembaca bahwasanya argumen-argumen yang disampaikan merupakan sebuah kebenaran berdasarkan fakta-fakta yang ada di lapangan.

Struktur Teks Eksposisi

Teks eksposisi umumnya terdiri dari tiga bagian utama:
  • Tesis (Pernyataan pendapat), merupakan bagian awal yang menyampaikan sudut pandang atau topik yang akan dibahas.
  • Argumentasi, berisi alasan atau bukti yang mendukung tesis yang telah disampaikan.
  • Penegasan Ulang (Penutup) merupakan kesimpulan atau penguatan dari argumen yang sudah dijelaskan.

4 Langkah Membuat Teks Eksposisi yang Baik

Berikut adalah empat langkah mudah dalam membuat teks eksposisi:

  • Menentukan topik dan tujuan
  • Mengumpulkan data dan fakta
  • Menyusun kerangka tulisan
  • Menulis dan merevisi


Contoh Teks Eksposisi Singkat (Bahasa Sunda)


Pagelaran Sastra: Tarékah Mekarkeun Sastra di Masarakat
Ku Hadi AKS

Urang Sunda saenyana geus ti béh ditu mula wanoh tur layeut kana sastra, boh lisan boh tulisan. Sastra lisan, upamana baé dongéng. leuwih heubeul gumelarna sarta leuwih raket jeung kahirupan sapopoé, Sakurang-kurangna bisa dipaké pituduh yén dina taun 1911 medal buku Pariboga: Salawe Dongéng-Dongéng Soenda (CM. Pleyte), anu dianggap buku munggaran anu ngamuat carita, Ayana rupa-rupa dongéng sasakala, sasatoan, dedemit atawa jalma-jalma nu arahéng di saban wewengkon, minangka hiji bukti yén tradisi sastra (lisan) téh kungsi hirup ngawarnaan kultur kahirupan urang Sunda. Hiji panalungtikan ngeunaan dongéng jeung carita rayat anu dipilampah ku Yus Rusyana tur hasilna dibukukeun dina Sastra Lisan Sunda (1978), némbongkeun yén dongéng sumebar méh di saban tempat di Tatar Sunda. Kalungguhanana lain ngan saukur sarana panglipur, tapi minangka medium atikan pikeun ngariksa sarta ngawariskeun ajén-inajén anu luhung. Dongéng ditepikeun ku aki-nini atawa indung-bapa ka anak-incu sangkan maranéhna nyaho kana asal-usul karuhun jeung rundayan pancakakina; ngajénan ka jalma-jalma anu geus nyieun kahadéan sarta gedé jasana keur balaréa; mikanyaho sasakala hiji ngaran patempatan; terang kana pakakas atawa barang pusaka; sarta bisa ngeunteung kana kajadian atawa paripolah jalma baheula sangkan hirup salamet tur waluya. Ku sabab dongéng raket pakaitna jeung pikiran, alam, sarta budaya masarakat anu ngahirupkeunana, teu matak anéh upama hiji carita tuluy dipapantes disaluyukeun jeung naon-naon anu jadi ageman kapercayaan di hiji wewengkon Nimbulkeun varian anu rupa-rupa. Dongéng "Kéan Santang upamana, di pakidulan Banten mah Prabu Siliwangi téh henteu kacaritakeun lumpat ka Godog di Garut, tapi ngalolos ka Ujung Kulon. Malah aya makamna sagala rupa, nu katelah hunyuran Prabu Siliwangi. Atuh dongéng Sangkuriang di ieu wewengkon mah ngaran indungna téh Maryati, lain Dayang Sumbi.


Sajaba ti dongéng, pantun, jeung wawacan kaasup tradisi sastra nu kungsi hirup di masarakat urang. Ditilik tina padeukeutna jeung kagaliban sapopoé, pantun jeung wawacan bisa jadi rada paanggang, henteu kawas dongéng. Pangna kitu lantaran anu dua ieu mah mikabutuh kaahlian, henteu bisa dipilampah ku saban jalma kawas ngadongéng. Malah wawacan nu gumelar minangka pangaruh tina sastra Jawa dina abad ka-17, apan raket patalina jeung kamampuh atawa kasadaran nulis-maca anu dina mangsa harita henteu sakabéh jalma bisa. Lebah mintonkeunana, boh pantun boh wawacan, henteu sagawayah kitu baé, tapi merlukeun pasaratan anu husus sarta dina suasana anu kawilang istiméwa, upamana baé dina upacara ngaruat lembur, ngaruat imah, nyukuran orok, atawa hajat kariaan. Dipintonkeunana tara saban waktu. Ilaharna jadi ritual pikeun nandeskeun ayana hubungan vertikal manusa jeung anu nyiptakeunana, bumi jeung langit. Éta sababna carita pantun "Lutung Kasarung” upamana dianggap sakral ku pantun, atawa wawacan Syéh Abdul Kodir Jaelani anu dikaramatkeun ku masarakat di wewengkon Banten. Tétéla yén dina mangsa harita mah ieu wangun sastra dimulyakeun ku masarakat nu miara ngariksana. Salian ti anu caritakeun tadi, saenyana aya kénéh wangun sastra lisan séjénna anu kungsi hirup téh, upamana baé sisindiran, pupujian jeung kakawihan.


Ngawahan ti dinya téh ngan aya gambaran historis yèn urang Sunda dina alam béh ditu saéstuna geus deukeut pagilinggisik jeung sastra, utamana sastra lisan carita rayat (folklor) kungsi hirup subur di balaréa, nyebar tatalépa, pikeun kagiatan ritual, nepikeun atikan atasa saukur pangbeberah tina kariweuh hirup sapopoé. Ku pangaruh anu terus nyosok ti luar sarta nyéakna kamajuan dunya informasi jeung hiburan, éta nu kungsi hirup téh tuluy tumpur laun-laun. Dongéng kiwari bisa kasampak kénéh di buku-buku bacaan, tapi geus langka jalma anu daék ngadongéng Boh di kulawarga boh di sakola, barudak ayeuna geus henteu narima dongéng anu ditepikeun sacara lisan. Aya kénéh usaha samar- samar nu haat narékahan sangkan dongéng henteu tepi ka tumpur sama sakali. Naha ku cara disiarkeun di radio-radio upamana, atawa ngahagalkeun nyieun sanggar kawas Hendri Juhanu anu mokalan ngadegkeun "Rumah Motékar" pikeun ngatik barudak sangkan mahér jadi juru dongeng.


Ari pantun jeung wawacan, dua ieu mah geus asup kana golongan banda budaya nu tilem upama ditingal tina wujud pintonanana. Sanajan kitu téks caritana mah bisa kénéh kapaluruh ku urang, boh anu kungsi dimuat dina media massa boh anu dicitak jadi buku. Carita pantun bisa kabaca di antarana tina ihtiar Ajip Rosidi, spk, anu kungsi ngayakeun proyek ngadokumentasikeun: ngarékam sarta nuliskeun sawatara carita pantun dina taun 70-an katompérnakeun. Kitu deui wawacan, ieu ogé ngan saukur téksna anu bisa kapapay. Naha anu didokumentasikeun sabada jadi bahan panalungtikan para mahasiswa di paguron luhur, atawa anu ngahaja dicitak jadi buku, upamana baé Wawacan Panji Wulung karya R.H. Muhammad Musa (Girimukti Pasaka, 1990) jeung Wawacan Jagat Rasa hasil panalungtikan Dr. Dedi Koswara (Departemen Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI taun, 2015). Kanyataan ngaleungitna tradisi sastra di masarakat, tuluy ditarékahan ku cara ngasupkeun matéri sastra dina pangajaran basa Sunda di sakola. Lembaga sakola pisan anu jadi pananggeuhan saréréa pikeun ngawanohkeun, ngipuk, sarta mekarkeun kamampuh barudak dina widang sastra. Dina kurikulum aya réngkolna, bahan-bahan pangajaran sastra naon baé anu kudu kacangking ku para siswa dina saban tingkatan. Malah dina Kurikulum 1994 mah saban unit matéri pangajaran ditungtungan ku aprésiasi sastra anu béda-béda: dongéng, sisindiran, pupujian, carpon, novel, sajak jeung drama. Ku cara kitu dipiharep barudak wanoh jeung resep kana rupa-rupa karya sastra nu hirup dina paranggong kasusastraan Sunda. Tapi tuluy muncul kritik ti masarakat yén pangajaran basa Sunda beurat teuing ku bahan pangajaran. Para siswa kawalahan saban waktu diperedih kudu nyangkem rupa-rupa kamampuh. Éta sababna dina Kurikulum 2013 nu leuwih mentingkeun kamahéran basa batan aprésiasi sastra henteu diperenahkeun dina saban unit pangajaran, tapi diperenahkeun patuncalan. Balukarna kagiatan aprésiasi sastra jadi ngurangan. Paregat teu aya kontinuitas. Siswa henteu dibéré waktu anu laluasa pikeun wawanohan jeung karya sastra. Sakadar pikeun conto upamana, barudak SMP kelas VII ngan ukur sina wanoh kana dongéng, sajak, jeung pupujian. Di kelas VIII diajarkeun guguritan, sisindiran, jeung carpon. Ari di kelas IX ngan ukur novél jeung drama. Tegesna maranéhna boga pangalaman aprésiasi teh ngan saukur sakali-sakali, henteu sinambung. Pikeun guru basa Sunda anu tumut, nyekel deleg kana katangtuan patokan kompetensi dasar (KD) dina kurikulum. moal kawénéhan manéhna ngajarkeun dongeng jeung sajak di kelas VIII. Moal aya guru nu nyaritakeun carpon atawa novél di kelas VII, jsb. Kaayaan kieu téh gedé pangaruhna kana kurangna atawa hengkérna apresiasi barudak kana sastra. Katambah ku loba kénéhna guru basa Sunda anu kasang tukang pendidikanana lain ti Jurusan Basa Sunda. Katurug-turug kawilang langka guru basa Sunda anu gedé karesepna kana sastra. Balukarna pangiaran sastra anu tadina dipiharep jadi daya pamikat, jadi cukang lantaran ngaronjatna karesep barudak kana basa Sunda henteu méré warna atawa pangaruh naon-naon. Ku robah robahna kurikulum saban waktu sarta sajumlahing pasualan anu nalikung, geus milu mangaruhan lumangsungna pangajaran sastra di sakola. Salah sahiji indikasi anu nuduhkeun yén tepi ka kiwari pangajaran sastra can nyugemakeun, bisa ditingal upamana tina kurangna minat maca barudak jeung guruna kana buku-buku basa Sunda. Langka kacaturkeun aya sakola anu mayeng meuli buku tina penerbit pikeun ngeuyeuhan pabukon di perpustakaan. Kawilang langka kénéh deuih barudak sakola anu ngirimkeun karangan basa Sunda ka media massa.

(2)
Dina kaayaan kitu, ngaleungitna tradisi sastra di masarakat jeung pangajaran sastra di sakola anu teu pati nyugemakeun, tuluy katémbong ihtiar-ihtiar ti masarakat ku cara ngadegkeun sanggar, padépokan, paguyuban, atawa komunitas, pikeun ngipuk barudak rumaja anu gédé karep kana sastra. Komunitas sastra urang sebut baé minangka alternatif atawa solusi kana dua kanyataan anu tadi didadarkeun. Ilaharna ditaratas sarta diluluguan ku jalma-jalma anu lain baé gedé katineungna kana sastra tapi miboga pangalaman salaku praktisi sastra, naha pangarang atawa dramawan. Nya di tempat kawas kieu para rumaja leuwih kaasah karancagéanana ku prosés anu leuwih daria. Sanggar atawa komunitas sastra nu sipatna informal, ilaharna lain ukur jadi tempat ruang-ruang pikeun ngawangkong, tapi jadi lahan anu ngahudang pirang-pirang kreativitas, imajinasi, tanggung jawab, kamandirian, sauyunan, jsb. Hasilna bisa katembong. barudak anu digodog di sanggar-sanggar sastra kabisana leuwih nenggang tibatan anu lian. Dina saban pasanggiri anu sok diayakeun boh di sakola boh di masarakat, para pinunjulna téh umumna mah nya maranéhna anu intensif latihan, diajar, silih asah pangabisa di sanggar atawa komunitas sastra. Di Jawa Barat komunitas kawas kieu téh kawilang réa jumlahna. Di saban wewengkon kabupaten/kota aya sangggar-sanggar nu aktif ngayakeun kagiatan. Umumna anu jadi garapanana téh seni pertunjukan drama atawa téater, sanajan aya di antarana anu ngahususkeun manéh dina widang kurang-karang, Ditilik tina sajarah, kamekaran jeung ketakna nu katémbong ku balarea, Teater Sunda Kiwari (TSK) nu diadegkeun taun 1975 ku Dadi P. Danusubrata minangka komunitas téater anu perlu disebut ieu komunitas anu ngahususkeun manéh dina garapan téater teh minangka hiji-hijina lembaga anu geus nyiptakeun tradisi festival drama basa daérah. Ti mimiti taun 1990 TSK ngayakeun Festival Drama Basa Sunda (FDBS) mayeng saban taun, nepi ka kiwari. Hésé néangan babandinganana, boh di urang boh di lingkungan nasional. Tangtu baé ieu teh gedé pisan sumbanganana utamana pikeun kamekaran drama di Tatar Sunda. Komunitas séjén anu katimbang geus méré sumbangan kana hirup-huripna sastra Sunda nyaéta Sanggar Sastra Tasik (SST) anu diluluguan ku sastrawan Acép Zamzam Noor. leu sanggar anu ngahususkeun manéh dina kagiatan nulis, utamana puisi, geus ngalahirkeun para pangarang Sunda upamana baé Nunu Nazarudin Azhar jeung Sarabunis Mubarok.


Teu jauh ti anu dipilampah ku TSK jeung SST, taun 2010 kuring sapakaranca di Lémbang tuluy ngadegkeun komunitas Saung Sastra Lémbang (SSL). Teu gagasan téh labir sabada niténan kurangna perhatian lembaga pendidikan sakola kana kagiatan sastra jeung seni pertunjukan. Kagiatanana anu tadina ngan saukur ngipuk barudak di dua sakola, kadieunakeun tuluy dimekarkeun ngabina sanggar-sanggar sastra nu aya di sawatara sakola di Lémbang. Tepi ka ayeuna kacatet aya dalapan sanggar sastra anu dikokolakeun kalawan inténsif ku SSL, tingkat SD, SMP jeung SMA/SMK sarta dina bulan Séptémber 2016 kamari munggaran ngayakeun Féstival Téater Lembang, anu diluan ku sanggar-sanggar binaan. Tina prosés latihan anu mayeng saban waktu, SSL kaparengkeun kungsi nyangking sababaraha préstasi, boh tingkat régional Jawa Barat boh tingkat nasional. Kungsi tilu kali penghargaan juara dina FestivaL Drama Basa Sunda (FDBS) taun 2012 - 2015. Di tingkat nasional kaparengkeun tujuh kali nyangking juara I sarta dilélér panghargaan medali emas dina widang drama,di Jamboré Sastra Nasional Yogyakarta (2009), Festival dan Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N) di Makassar (2011), Мedan (2013) jeung Semarang (2014). Dina widang baca puisi nyangking juara ka-1 dina event FLS2N Palémbang 2015 jeung 2016.


Di sagédéngeun ngipuk karesep barudak kana sastra ku cara ngaping maranéhna di sanggar-sanggar, anu jadi udagan Saung Sasra Lémbang téh nyaéta ngayakeun pagelaran-pagelaran sastra anu bisa diaprésiasi ka publik nu leuwih lega. Sawatara garapan drama anu jadi pinujul dina pasanggiri atawa féstival, upamana baé drama "Sangkuriang” nu sok dipagelarkeun ka masarakat Lémbang, sanajan teu can bisa lumangsung kalawan mayeng. Aya kalana ditanggap di hotél atawa manggung kitu baé di tempat anu jadi pamungpungan anu keur pariknik. Saban poé minggu atawa dina mangsa usum liburan, Lémbang jadi tempat pangjugjugan wisatawan ti mana-mana. Maranéhna ngan saukur nyeuseup kaéndahan hawa pagunungan atawa mikawanoh kulinér khas Lembang. Lebah hayang lalajo kasenian, nya tarurun deui ka Bandung, ka Saung Angklung Ujo. Nya éta anu sok jadi kaguligah kuring saparakanca. Merenah pisan upama maranéhna disuguhan pintonan sastra Sunda, lalajo pagelaran drama Sangkuriang upamana. Perkara ieu teh sok dipadungdengkeun boh jeung pihak Pemkab Bandung Barat boh jeung pihak Perhimpunan Hotel dan Restoran Indoneisa (PHRI) di Lémbang. Ngan tepi ka danget ayeuna can aya program atawa agénda kasenian anu jinek. Padahal lebah dieu mah pasualanana lain saukur jadi sarana hiburan, tapi geus kaasup bagian tina strategi budaya, ngawanohkeun sastra Sunda ka masarakat nu leuwih lega, lintas étnis malah. Jadi giras kana sendratari Ramayana nu (saban waktu jadi pintonan utama dipalataran Candi Prambanan). Tétéla pikeun urang Jawa mah kasadaran ti pentingna ngawanohkeun budaya nepi ka sélér séjén teh geus dipilampah ti béh ditu mula.


Patalina jeung mekarkeun sastra gé di balaréa, tangtu baé nyieun garapan pagelaran sastra pikeun 'dijual' pikeun ka publik teh lain hiji-hijina udagan. Sakumaha anu tadi di awal di geus didadarkeun, nyirorotna kahirupan sastra di masarakat jeung di sakola, bisa ditarékahan ku cara ngadorong sanggar-sanggar, pakumpulan, komunitas sastra, sangkan aktif tur mayeng ngayakeun kagiatan pagelaran sastra keur balaréa. Wangun pintonan anu bisa rupa-rupa saluyu jeung karancagé sanggar séwanng-séwangan, naha longsér, drama, dramatisasi carpon atawa sajak, purna drama, gending karesmén, jsb. Ku cara kitu dipiharep sastra pintonan bisa ngirut perhatian masarakat sangkan resep, deukeut, nyaah, tur ngahargaan kana kabeungharan karya sastra Sunda. Tangtu baé lain pagawéan énténg-énténg, tapi mikabutuh tanggung jawab jeung sikep budaya nu tanggoh ti para praktisi ngokolakeunana. Minangka bahan babandingan, dina taun 60-70-an pangarang Rahmatullah Ading Afandi (RAF) kungsi mintonkeun drama “Yaomal Kiyamah" atawa Wahyu Wibisana nyieun garapan gending karesmén "Mun- dinglaya Saba Langit", "Galunggung Ngadeg Tumenggung", jsb. Ceuk béja éta pagelaran téh matak geunjleung jadi catur di mana-mana. Boa-boa di alam kiwari gé kudu dipilampah nyieun garapan kolosal tur dikurilingkeun ka sawatara daérah kawas harita. Aya-henteuna pangrojong ti pamaréntah saéstuna henteu kudu jadi hahalang. Da kitu deuih kanyataanana. Hiji tradisi anu geus lumangsung manjang puluhan taun, aya kalana kurang malah henteu diréspon ku pamaréntah. Sakadar pikeun conto upamana, kumaha seuseutna kagiatan Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) sarta humandeuarna Téater Sunda. Kiwari anu ngokolakeunana saban-saban rék ngayakeun éta féstival nu geus ngakar lumangsung puluhan taun.


Pikeun ngarojong mekarna sastra, pihak pamaréntah saénana geus katémbong usahana, boh kucara nvadiakeun waragad boh ku ngayakeun program kagiatan. Pamaréntah Provinsi Jawa Barat nyadiakeun anggaran nu lain saeutik pikeun mekarkeun kabudayaan téh. Hanjakalna kagiatan pembinaan kabudayaan di urang dipilampah ku 'cara mikir proyék'. Asal bisa kalaksanakeun. Henteu dibarung kuayana kasadaran pembinaan nu sistematis. Balukarna nya cul dogdog tinggal igel, hasilna jauh ting harepan. Dinas Pendidikun upamana, anu sok dilaksanakeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), saban taun ngayakeun "Pasanggiri Aprésiasi Sastra", anu sasaranana barudak sakola. Hanjakalna kadieunakeun mah henteu loba anu dipasanggirikeun téh, ukur pupuh, nulis aksara Sunda, jeung seni tari. Atuh Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Provinsi Jawa Barat saban taun ngayakeun Festival Musik, Tari & Teater anu henteu sacara husus ngarojong mekarna kahirupan sastra Sunda. Ongkoh kasebutna pasanggiri mah sipatna fragmentatif, kalan-kalan, henteu mayeng, henteu inténsif bisa ngagéroh kamampuh sakumna siswa. Pangaruhna méh teu pati karasa. Nengetan éta kanyataan, hiji gagasan anu perlu jadi bahan pamikiran, nyaéta perlu aya kagiatan Féstival Sastra Sunda. Merenah pisan upama ieu kagiatan jadi agénda taunan sastra Sunda, hajatna sastra Sunda. Kagiatan sarupa kieu kungsi dipilampah ku kuring saparakanca dina taun 1992 nyaéta ngayakeun Pésta Sastra Sunda, anu ukur lumangsung tilu kali tepi ka taun 1994. Ti harita les ngaleungit teu kungsi kacatur deui. Aya nu ngararancang Pésta Sastra Sunda rék diayakeun deui, tapi tepi ka kiwari teu puguh béjana. Féstival Sastra Sunda atawa Pésta Sastra Sunda bawirasa bakal aya pangaruhna. Diayakeun ku cara rampak gawé babarengan antara masarakat, para praktisi, jeung pihak pamaréntah (Disparbud Provinsi Jawa Barat). Kagiatan sarupa kieu bakal nimbulkeun sinérgi anu hadé tur ngahudang karancagé ti rupa-rupa pihak. Sastra Sunda ulah terus jadi padungdengan masalah di sakola atawa di dunya penerbitan, tapi katémbong dangiangna tur kadéngé aweuhanana. Muga-muga.


Dikutip dari Manglé No. 2608 Désémber 2016







Posting Komentar