HEADLINE
Mode Gelap
Artikel teks besar

Dongeng Anak Bahasa Sunda: Gagak Hayang Kapuji

Dongeng anak merupakan salah satu cara terbaik untuk menanamkan nilai-nilai kehidupan sejak dini. Melalui cerita yang menarik, anak-anak dapat belajar tentang kejujuran, kebijaksanaan, dan pentingnya rendah hati. Salah satu dongeng anak Sunda yang penuh makna adalah "Gagak Hayang Kapuji", kisah seekor gagak yang ingin dipuji karena suaranya. Dongeng ini mengajarkan tentang bahayanya tipu daya seseorang.

Dongéng Gagak Hayang Kapuji



Kacaturkeun aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggeus anjing aya dihandapeun si Gagak, boro-boro ditanya, malah mah teu dirérét-rérét acan. Anjing mikir sangkan éta déndéng dipimilik ku manéhna.

Sanggeus panggih jeung gagak, si Anjing ngomong, “Euh, aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi meni lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal ayatandingna, dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh.”

Ngadéngé éta hal, si Gagak ngarasa kapuji. Malah ceuk pikirna deui hayang ngabagi déngdéng jeung si Anjing. Ngan kusabab hésé meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.

Barang nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna, anjing mikir pasti usahana aya hasil. Ceuk pikirna deui, naon héséna muji-muji keur ngahontal kahayangna.

“Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.” Ceuk si Anjing.

"Saumur-umur teu wéléh disiksa ku dunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé pasésaan. Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun moal panasaran teuing!” tambah si Anjing

Barang ngadéngé pamuji anjing, si Gagak poho keur ngaheumheum déngdéng, ngan ngong wé disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk wé déngdéng téh murag. Anjing gancang nyantog déngdéng nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh cindekul wé dinadahan bari ngararasakeun nyeri haté ku kalakuan anjing.

Manéhna karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur diheumheum ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai rék neangan hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.

Dongeng anak seperti "Gagak Hayang Kapuji" tidak hanya menghibur, tetapi juga memberikan pelajaran berharga bagi anak-anak. Dengan mengenalkan dongeng anak Sunda, kita turut melestarikan budaya lokal sekaligus membentuk karakter positif pada generasi muda.
Posting Komentar