Mengenal Sajak Bahasa Sunda: Contoh dan Karya Terkenalnya
Bahasa Sunda bukan cuma kaya akan percakapan sehari-hari, tapi juga punya bentuk karya sastra yang indah—salah satunya adalah sajak bahasa Sunda. Dari anak-anak sekolah dasar sampai mahasiswa, sajak Sunda tetap relevan dan bisa dinikmati di berbagai usia. Di artikel ini, kita akan mengenal lebih dalam tentang sajak Sunda, lengkap dengan contoh sajak Sunda, sajak Sunda pendek, hingga beberapa sajak Sunda terkenal yang mungkin sudah pernah kamu dengar.
![]() |
Sajak Bahasa Sunda: FTBI 2024 |
Apa Itu Sajak Bahasa Sunda?
Sajak bahasa Sunda adalah salah satu bentuk puisi modern dalam bahasa Sunda yang biasanya bebas dari aturan rima dan jumlah baris, tapi tetap memiliki keindahan bahasa dan makna mendalam. Menurut Isnendes (2010), sajak yaitu puisi modern yang ada dan tersebar dalam bentuk tulisan; teks. Sajak digunakan untuk mengungkapkan perasaan, pengalaman, atau pesan kehidupan dengan cara yang lebih emosional dan artistik.
Berbeda dengan puisi tradisional seperti guguritan dan wawacan, sajak lebih bebas namun tetap kaya akan nilai budaya dan bahasa.
Contoh Sajak Sunda Pendek untuk Anak dan Remaja
Berikut ini beberapa contoh sajak Sunda pendek yang cocok untuk dipelajari anak sekolah atau remaja:És Krim
Karya Darpan
Mun és di kutub selatan
Dijieun és krim keur sakabéh babaturan
Meureun bisa keur saratus taun
Awét teu kudu olok jajan
Dijieun és krim keur sakabéh manusa
Meureun kabéh kabagi rata
Teu kudu aya nu paséa
Béjana és di kutub utara jeung selatan
Geus loba nu lééh kapanasan
Teu kaburu dijieun és krim
Tangkal Caringin
Karya LaraswangiTangkal caringin di alun-alun
tempat ngiuhan bari ngalamun,
Tangkal caringin di sisi jalan,
daunna gomplok kaanginan
lir gugupay ka nu ngaliwat
ngajak reureuh najan sakolépat
Tangkal caringin
téh aya nu boga,
Omat tong digunasika, komo dituar nepi ka musna,
matak aya mamala pikeun manusa
Tangkal caringin tempat ngiuhan
akarna pageuh ngaranggeum taneuh,
nandéan hujan nyerepkeun cai,
pikeun sakabéh mahluk bumi
Si Belang
Karya ED Jenura
Mamah! Mamah! Itu si Belang!
Dina tangkal gagalacangan!
Kumaha lamun geubis?
Ari ucing osok nangis?
Tapi si Belang bangor pisan
Dua kali ngadupak lomari
Tigujubar ka kulah gé sering
Si Belang kabur ka jalan
Ampir kagéléng mobil sédan
Gelut jeung ucing sadu
Mulang bari raca tatu
Hiji dua tilu opat
Lima genep tujuh dalapan
Geuning nyawana kantun hiji!
Turun, Belang, ngarah salamet diri!
Mamah! Mamah! Geura uninga!
Si Belang pinter kacida
Luncat tina tangkal kapuk
Bari ngabaheum cucunguk
Abdi Nyaah
Karya Ganjar KurniaSunda,
nu dicipta mangsa Gusti Alloh ngagelenyu
lemah cai
nu éndah taya duana
Gunung-gunung anjeun
Leuweung-leuweung anjeun
Taneuh nu subur
Cai nu curcor
Lembur-lembur nu tengtrem
Kota nu hirup
Pikabetaheun sing saha waé
Rahayatna anu soméah
Budayana anu adiluhung
Kasohor kamana-mana
Dipikareueus ku balaréa
Sunda,
Abdi nyaah ka salira.
Simponi Kembang Pataman
Karya Rosyid E. Abby
Kuring ayeuna tangkal
kasarumahan daun-daun
leubeut jujumplukan
ngarandakah, duh, ngarandakah
na sela-sela rajegna tatangkalan
di leuweung luwang-liwung
kahibaran sorot matapoé
isuk-isuk. Célak-célak ciibun
nu eunteup na sela-sela dahan
gugurilapan, duh, gugurilapan
sinangling kembang na rungkun-rungkun
taman tengah kota
Kuring ayeuna kembang pataman, duh
kembang patamanan tengah kota
saksi ruménghapna kahirupan kota
2005
Bumi Garing
Karya Hadi AKS
Bumi garingtangkal dugul teu daunan
halodo teuing ku panjang
ngaduruk embun
embunan
sato gering nahan lapar
sabab daun jujukutan
parérang di tanah angar
Bumi garing
gunung biru nu kulawu
ayeuna teuing ka mana
sirna ku leungeun manusa
Bumi
gering
haté nguyung sedih kingkin
iraha rék aya hujan
nyiram bumi nu hanaang
Bandéra Urang
Karya LaraswangiYu, hayu
... urang kélébétkeun!
Bandéra urang
sing ngawang ngawang
ngajaul nembus ka uwung-uwung
ngajomantara ngalanglang dunya
napak sarakan ngalingling bumi.
... urang kélébétkeun!
bandéra urang di saban mangsa
tihangna jati tohaga
talina simpay katresna
lawonna sutra déwangga
ditinun runtuyan usum
Bandéra urang, bandera cicirén nagri
Bandéra urang, bandéra munara bangsa
Urang kélébétkeun dina haté, dina sukma, dina ketak, dina tapak
jeung dina saban pakalangan.
Yu, kélébétkeun ku wawanén, ku wewesén, ku jajatén
Itu Nanahaon
Karya Nala Apsari
Ai, itu munding nanahaonTandukna bet di tukang
Sorana bet handaruan
Enin, éta mah
sanés munding
Tapi traktor nu leumpang ku mesin
Langkung rosa tanagana
Langkung gancang digawéna
Ai, itu bebegig nanahaon
Jangkungna jujul ka langit
Sirahna bebelenongan jeung kikiceupan
Mun urang internétan atawa teteleponan
Sinyalna dipencarkeun jeung disambungkeun
Ka mamana sabuana
Gusti, Ai... éta sato naon
Hiber huang-hiung siga bangbara
Suat-siet siga rék nyamber mangsa
Tapi bet nurut ka dukunna
Sanés bangbara nu nyamberan
Éta téh kaméra nu diapungkeun
Ku operator diatur naék turun
Ai, ieu téh jaman nanahaon?
Enin, ieu téh jaman milénial
2021
Handapeun Matapoé Kamerdékaan
Karya Rosyid E. Abby
Basa méga bodas ayang-ayangandi langit. Sora barudak awor jeung bituna rasa;
“Telah bébas negeri kita
Indonésia merdéka!" cenah, mani rampak.
Geus ngagurat na tapak-lacak baheula
kamerdékaan nu disulam ku benang inten
nyiptakeun langit kabébasan teu kahalang ku
rumeukna méga. Simpay-tineung beureum-bodas
nu dikelin ku benang pérak ngerab-ngerab
handapeun matapoé nu cangra kapandeurinakeun
“Telah bébas negeri kita
ka awang awang, ka lebah kélébetna bandéra nu
diulinkeun ku hiliwirna angin tengahpoé)
aya lagu tanpa sora
aya haleuang tanpa nada
Tapi wirahmana angger ngagedurkeun sumanget gawé
ngerab-ngerab handapeun matapoé
éréng-éréngan.
Bandung, Agustus 1994
Haseup Kota
Karya Hadi AKS
Haseup KotaAya haseup ngebul di kota
mulek ti saban liang kendaraan
mulek ti unggal corobong pabrik
Éta haseup tingsulusup
kana irung jeung paru-paru
saban waktu kitu jeung kitu
haseup kota nu kulawu
Tatangkalan teu katingal
héjo lémbok teu katénjo
di kota ngan aya gedong
wangunan pajangkung-jangkung
Manusa
hirup di kota
dilingkung beusi jeung beton
tapi anteng bangun tingtrim
nyeuseupan haseup polusi.
1998
Katiga Asa ku Lila
Karya Dedy Windyagiri
tonggérét geus capéeun hihiberan
nénéangan pangeunteupan
tatangkalan geus dituaran
teu bisa disada
kaburu rangsak jangjangna
aya nu karasa leungit
tina garingna langit
aya nu karasa euweuh
tina garungna taneuh
katiga asa ku lila
nyérésétna seuseukeutna
nurihan dampal leungeun
sabot ngagarap lahan deungeun
nu turun hujan cimata
Dongéng Indung
Karya Nazarudin Azhar
Dongéng datang ti bihari
unggah ka saban implengan
sabot peuting mépéndé
nu miang ka pangimpian
Dongéng indung ngagalindeng méméh tibra
mawa kuring ka sawarga mana boa
nembrakkeun hartina nyaah jeung asih
tempat silih peruhkeun nu bener jeung nu salah
Dongéng dunya hideung bodas
mawa pikir ngumbara meuntasan waktu
aya kalana kuring tepung jeung satria
nu toh pati jiwa raga mélaan hirup huripna
aya kalana nu datang téh durujana
nu ngaberungkeun amarah taya hinggana
Kuring amprok jeung Sangkuriang
tepung jeung Guruminda ti kahiyangan
sakapeung nu datang Ciung Wanara
atawa tokoh lian tina dunya sasakala
réngkak sato disina miyuni jalma
jiga peucang jeung buaya atawa sakadang kuya
ngajak ulin dibarung rasa gumbira
Sakapeung nu datang téh Si Kabayan
atawa Abu Nawas nu jolna ti peuntas séjén
kabéhanana mawa watek séwang-séwangan
ngipuk batin ku pakaya tan watesan
(2001)
Sumber: Taufik Faturohman, dkk. (2024). Petunjuk Teknis Festival Tunas Bahasa Ibu Jenjang SD dan SMP Tahun 2024. Bandung: Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat
Tips Membuat Sajak Bahasa Sunda Sendiri
Kamu juga bisa kok bikin sajak bahasa Sunda sendiri. Berikut beberapa tips sederhana:
- Tentukan tema: bisa tentang alam, sekolah, keluarga, atau cinta.
- Gunakan bahasa Sunda yang kamu kuasai: nggak perlu terlalu formal.
- Tuliskan perasaan atau pengalaman pribadi: sajak lebih kuat jika jujur.
- Mainkan irama dan bunyi: biar enak dibaca dan punya rasa.
- Coba baca keras-keras: untuk memastikan ritmenya terasa pas.