HEADLINE
Mode Gelap
Artikel teks besar

Dongeng Sunda Pendek: Wawales ka nu Telenges

Dongeng Sunda pendek merupakan bagian dari warisan budaya yang kaya akan nilai moral dan kearifan lokal. Cerita-cerita ini tidak hanya menghibur tetapi juga mengajarkan pelajaran berharga bagi anak-anak maupun orang dewasa. Salah satu dongeng Sunda pendek yang populer adalah dongeng Wawales ka nu Telenges.

Wawales ka nu Telenges

Dongeng Sunda Pendek: Wawales ka nu Telenges

Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karék gumuling teu
aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rék néangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. 

Nu aya téh ngan ukur getih ucrat-acrét. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila Si Monyong téh ulal-elol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang béja ti cangéhgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangéhgar teu bisa nulungan da si Monyong kaburu kabur.

Bakat ku ngenes harita kénéh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih haténa.

Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si Monyong rek dijejewet. Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weléh gular-giler ka handap nempoan sugan beurit téa ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si Monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer kualap-alap téh teu ka luar deui.

Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manéhna teu biasaeun meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok téh bangkong héjo ka hareupeunana. Puguh wéh beurit téh kacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag.

“Alah! sampéan mah ngareureuwas!” ceuk beurit.
“Naha maké reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong.
“Rek kamana ieu téh wayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.

Ngadéngé omongan bangkong kitu téh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poék kénéh.

Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan, atuh beurit kagugusur. Ti dinya mah soloyong wéh bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh wéh bangkong beurateun, da biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.

Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong téh hayang ngaheureuyan beurit. Ti dinya bangkong téh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit kabawa. Beurit gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didéngé. Lep, teuleun deui. Ku sabab sababarahakali dibawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka paéhna. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.

Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari. Seot nyamber beurit nu geus jadi bangké, ber dibawa hiber ka awang-awang. Atuh bangkong gé ka bawa.

Mokaha wéh poé harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus méakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong héjo.


Dengan membaca dan menceritakan kembali dongeng Sunda pendek, kita turut serta dalam melestarikan kebudayaan dan memperkaya wawasan generasi penerus bangsa. 
Posting Komentar